Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/163

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

154

mana, jeung saha ari silaing, rupa nu jagjag teuing, kawas anu manggih nyatu, den Lalanaa cedok nyembah, unjukan bae ka mantri, nun sumuhun ti gunung abdi gamparan.

1162. Wanta seueur kakaian, daun pucuk sareng beuti, anu ku abdi didahar, ari saur eta mantri, nam atuh ayeuna indit, mun hayang panggih jeung ratu, urang ngadeuheusan ka patya, raden harita geus ngiring, hanteu lami ka paseban enggeus dongkap.

1163. Raden Patih teh kasampak, nuju calik dina korsi, cong nyembah mantri unjukan, sim abdi ngujukeun jalmi, sangemna teh ka abdi, hoyong tepang rupi ratu, bari unjuk ka den putra, raden patih seug ngalahir, ark naon silaing nu matak datang.

1164. Den Lalana lajeng nyembah, abdi mah urang sisi teu acan terng di raja, bade bubujeng sim abdi, raden patih ngalahirmanis, hayu atuh jeung aing, ayeuna urang ka ratu, geus ngiring raden Lalana, beuteung ngabeledeh buncir, enggeus dongkap ka payuneun raja.

1165. Prabu anom kaget manah, aya naon emang patih, den patih nyembah unjukan, ngunjukeun sahiji jalmi, ieu bantun sim abdi, piunjukna kaulanun, maksadna hoyong bubujang, di dieu di kangjeng gusti, gek calik di latar payun, ku sang raja dipariksa, rek naon datang ka kami, patih raja sami pada kasamaran.

Pupuh Asmarandana

1166. Den Lalana matur ta'dim, kula nun dawuh gamparan, seja dumeuheus, abdi teh hoyong bubujang ka raja, eek ratu bodo pisan, mending aya di gunung, loba oge dangdaunan.

1167. Aya di dieu mah watir, moal baranghakan, sabab taya pikeun mere, den Lalana ngajawabna, teu sawios abdi mah, najan dugi kana umur, abdi paeh digamparan.

1168. Sang ratu ngalahir manis, bade maneh mun iklas mah, di dieu cicing di dewek, jeung saha sia nya ngaran, den putra ngawalonan, katelahna anu nyebut abdi Jamburaya.