Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/162

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
153
 
1153. Prabu anom seug mariksa, aya naon emang patih, sumuhun gamparaan ayeuna di hulu nagri, karage abdi-abdi, aya dua bulu diu, geura mangga urang layad, geus jengkar raja jeung patih, barang dongkap ka hulu dayeuh lelela.
1154. Cek ratu alhamdulilab, sugan bae emang patih, aya nu rek nulung tea, alamat impian tadi, tetela ieu sidik,den patih walon sumubun, mantri-mantri ieu ruang, sing buni sama sekali, sugan bae jadi tumbalna paila.
1155. Lajeng ratu solat toat, neda-neda ka yang widí, mugi dipa-parin rahmat, kitu maksuna jeng gusti, teu alat siang wengi, neneda bari tapakur, supados tepi kamaksud, kocapkeun raden raspati, harita teh ngungkulan Centaka pura.
1156. Ti luhur monteng ka bandap, sumiripit ngadalingling, geus ngadampal lemah, satría angkatna ginding, geus nepí sisi negri, rae ningal ka payun, beran salebeting manah, naha nagri mesum teuing, den Lalana harita geus salin rupa.
1157. Jadi jalma jajar pasar, leungit rupi nu sajati da pugub kenging ngahaja, panganggona ruwak-rawik, raden geus angkat deui, ngarandeg di hiji warung, kadinya teh lajeng sindang, di tepas warung ge calik, tukang warung keur ngagoleber henteu budang.
1158. Saur den Jayalalana, abdi menta sangu bibi, tukang warung teh ngajawab, naha ujang urang mendi, kapan di dieu nagri kamana-manaa geus masbur, ayeuna taya nu dabar, mani aya dua saksi, malah-malah ralu oge tara tuang.
1159. Saur den Jayalalana, nagri naon ieu bibi, nu ditanya ngawalonan, nagara Centakapuri, Den Lalana imut manis, lajeng ti warung leb lungsur, ka alun-alun geus dongkap, calik handapeun caringin, ningal jalmi leumpang rarampeolan.
1160. Teu lami aya nu dongkap, nu ngaliwat dua mantri, nyampeurkeun ka den Lalana, ka raden tuluy mariksa, urang mana silaing, keur naon di dieu diuk, raden Lalana ngajawab, abdi seja bae ulih, hayang terang abdi teh di kangjeng raja.
1161. Siga naon ari raja, mantri gumujeng ngagikgrik, na ilaing urang