Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/161

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
152
 
ratuna kcdah mulung, sanaos teu acan terang, wajib ku engkang disungsi, na dimana pernahna nagri Centaka.
  1. Agan putri ngawalonan, Centakapura mah tebih, ngulon ngaler ti dieu mah, lalakona dua sasih, pami badarat nyungsi, kitu wartosna ti sepuh, bade naon engkang angkat, atuh abdi bade ngiring, alim kantun abdi mah kamana-mana.
  2. Nyaur deui den Lalana, geulis engkang moal lami, ayeuna kedah unjukan, ka ama nyuhunkeun widi, gan putri lajeng indit, geus dongkap lajeng piunjuk, abdi piwarang ku engkang, bade nyuhunkeun paidin, rehing bade mios ka Centakapura.
  3. Ramana hanlcu ngawidian, keur naon rek angkat deui, da ieu mutlak nagri, ama mah henteu migaduh poma ulah asa-asa, wartoskeun bae ku eulis, agan putri nyembah lajeng angkat
  4. Dongkap ka raka unjukan, duh engkang ama teu widi, saurna teh ulah angkat sing tetep di dieu linggih, prabu anom ngalahir, atuh moal pami kitu, upami teu widi mama, kacatur parantos wengi, agan putri harita parantos kulem tibra.
  5. Kira wancí tabuh dua, beberes raden tarapti, lajeng nganggo kaos jimat, geus medal ti lebet puri, di latar nejeh bumi, salira raden teh mumbul, ngalayang di awang-awang, bentang-bentang sami nyaksi, ting karetip nyaangan anu lumampah.
  6. Lepas batan kuda leupas, tarikana ir mimis bedil, ku melepas di angkasa, raden teu aya karisi, balap jeung angin leutik, nyulusup di mega paul, tunda nu di mega malang, catur deui agan putri, enjing-enjing harita teh nembe gugah.
  7. Malik guguling rarampa cupa-cupi raka sepi, lajeng ngabujeng ka jamban, di pilari teu kapanggih, mulih deui ka puri, nuju nyaur raden patih, sardadu kabeh gujrud, aya hulu buta dua, anu katlir jamparing, mantri angkal bade nguninga ka raja.