Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/160

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
151
 
  1. Ambu-ambu naha bet telenges teuing, teu aya ras-rasan teung-teuingeun Loka Aji, nganiaya pupuasan.
  2. Prabu anom lajeng bae, mujasmedi malangkeun ciptaan, mepet kang patang perkawis, cipta dihin hingkang tunggal.
  3. Soca dua henteu dianggo ningali, pangambung pangucap, malah senareng cepil, nyipta tunggal kalanggengan.
  4. Estu husu netep kelebet panggalih, tapakur ka Allah Milamanu nu prihatin, dimakbul sapanejana.
  5. Prabu anom raos kulem lajeng ngimpi, kasumpingan eyang deudeuh teuing incu aki, wayahna raden sangsara.
  6. Satria ulah reh dipake leutik, ke aya nu datang, ngajaait ti prihatin, aya sahiji satria.
  7. Prabu anom ratu Tunjungbang nagri, nami den Lalana, estu ning digjaya sakti, wani nugel Lokagiwa.
  8. Thngarana damina engke rek sumping, nya ku hulu buta, dua katiir jamparing, ka hulur dayeuh ragragna.
  9. Masing eling omat putra ulah lali, sakitu wasiat, masing rosa bae muji, prabu anom lahaola.

Pupuh sinom

  1. Katunda ratu Centaka, anu keur sedih prihatin, catur di dermis nagara, prabu anom dan raspati, nu nuju bingah galih, ras emut jangji kapungkur, dipiwarang ku eyangna, ngajugjug cen-takapuri, den Lalana lajeng nyauraan garwana.
  2. Duh enung engkang amitan, neda widi bade indit, rehing bade ka Centaka; lami teuing engkang isin, piwarang eyang resi, ka