Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/159

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
150
 
  1. Ngangres manah kangjeng gusti, nalangsa ningal garwana, Sumawona ka rayat kabeh, anjeuna ge kalaparan, najan terah kusumah, dipaksa lain kumaksud, nyuuh kumambang cisoca.

Pupuh Kumambang

  1. Prabu anom di kajuaran teh nangis, barina sasambat, duh Allah nu maha suci, nu sipat bapa aherat.
  2. Muga-muga gusti maparin rohim, rohman ka manusa , rahmat agung rahmat alit, kakiatan nu sampurna.
  3. Rayat abdi ayeuna seueur nu mati, maot kalaparan sanagara keur prihatin, nyuhunkeun hibar jeng rama.
  4. Ingsaalah mun kaya kei mah diri, umur abdi candak, teu guna jeneng narpati, ari rayat sangsara mah.
  5. Aduh ama naha atuh rusuh teuing, ayeuna kumaha, na bikeun bae, nagri ka sang raja Lokagiwa.
  6. Jero nagri ayeuna parantos jempling, jalmi teu ka aluar, taya jalma nu pelesir, kantun kulit sareng tulang .
  7. Rayat-rayat awewe sareng lalaki, diburuan moyan, lumayan ngarala teki, beuti jukut dihakanan .
  8. Daun kai sadayana rugul galaring, seep didalahar, ku jalmi taya nu kari, sumawon bangsa papagan.
  9. Ta ya pisan jalmi nu jagjag sahiji, kunyinyi sadaya, kuru aking ngajangjawing, kulit hawuk iga ragas.
  10. Budak leutik balatak dina kamalir, ngan eukeur ngambekan, ngarenghap loba nu mati, layon tara nu ngaruang.