Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/158

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
149
 
hawatos, nu maot geus patulayah, entong boro barudak, kolot oge ting haregung, jalmi-jalmi sami nahnay.
  1. Seueur nu teu bisa indit, kumargi taya tanaga, ngalengkah pating ngalempreh, pating galero sasambat, aya nu nyambat bapa, nu kaindung nini buyut, cing karuhan menta dahar.
  2. Peurih teuing peujit kuring, naha atuh raja sepuh, make enggal teuing maot, ayeuna dahar dikisat, benerna kangjeng raja, ieu nagara dipundut, ku sang raja Lokagiwa.
  3. Sanggakeun teu matak rugi, meureun moal kabalangsak, mun kieu mah matak kojor, teu guna ngajadi raja, rayat mah kalaparan, bet raja bodo kalangkung, mun kieu maehan rayat.
  4. Warta-warta saur jalmi, saroprel teu manggih dahar, loba nu nyebutkeun gelo, raja teu boga kanyaah, na ku maha maksudna, jongjon bae jadi ratu, narek ngarajaan setan.
  5. Ari jalmi nu berbudi, mepelingan ka baturna, dulur tong karitu omong, da geus nepi kana kadar, urang lain sorangan, najan eta kangjeng ratu, anjeuna ge henteu tuang.
  6. Tungtu raja oge mati, urang moat panasaran, nandakeun belapati teh, pangesto urang ka raja, ulah ku kadongdora, sukur soteh eukeur cukup, walurat tuluy nyarekan.
  7. Kudu isin ku Yang Widi, na saha anu keresa, anu kahoyong kieu teh, sajabi gusti nu murba, nu kersa ku anjeunna, bangganing kabeh halimun poekna tara dititah.
  8. Caangna ge kitu deui, tara katawis datangna, geura urang engke oge, anging Alloh nu uninga, nu murba diri urang, matak naon kersa nulung, ari geus widi Alloh mah.
  9. Kakocapkeun kangjeng gusti, nuju ngupahan garwana, duh enung jungjunan hate, wayahna henteu tuang mah, da puguh sanagara, rayat seueur anu pupus, langlayeuseun hanteu dahar.