Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/157

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
148
 
  1. Ka utusan balik manyun, bade uninga ka gusti, tunda anu cukeur mulang, Lokagiwa catur deui, nakol bende nitir pisan, geus kumpul sakabeh abdi.
  2. Biantara patih agung, sakabeh rayat geus ngarti, sadayana diwawaran, Lokagiwa geus disiplin, tara dagang kadaharan, kasmaran Centaka Puri.

Puput Kasmaran

  1. Centaka saredih kingkin, kakurangan kadaharan, sanaos saleuer artos, taya pesereun percumah, artos taya guna, budak leutik geus ngaguruh, ceurik hayang barang hakan.
  2. Abdi-abdi sami peurih, nareangan beuheutian, tibalan beutengna ngongkrong, tambah ganjel kalaparan, yarat geus patulayah, sawareh nu weureu gandum, rayat leutik maridangdam.
  3. Ratu nyaur ka den patih, mang patih ayeuna geuwat, gudang beas buka kabeh, bagi kabeh sing walatra, menak kuring sadayana, ulah aya nu kalarung, takol bende di paseban.
  4. Ditakol bende geus nitir, riab sadayana jalma, lalaki sareng awewe, walatra dibagi beas, nu nampi suka bungah, urang nagri urang kampung, harita tuluy marulang.
  5. Saban poe balawiri, anu nampi pembagian, mung dugi ka tujuh poe, geus kosong sadaya gudang, malahan ratu pisan, tuangeun parantos laluput, tambih sesah manah raja.
  6. Jalmi-jalmi maturingis, rahayat sami baregang, budak mah seuer nu maot, langlayeuseun hanteu kuat, najan indung bapana, kaanak loba nu cul, bolampar inget ka anak.
  7. Budak leutik kantun ceurik, lalesu taya tanaga, saha anu teu