Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/156

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
147
 
  1. Nagri centaka panuhun, ku emang arek diandih, idin teu idin dipenta mending mana mending mendi, sukur maneh lamun pasrah teu mikeun dilurug jurit.
  2. Harita surat enggeus laju, mawa walonan den mantri, ka centaka enggeus datang, cong nyembah nyanggakeun tulis, ku prabu anom dibaca, hareneg lebeting galih.
  3. Prabu anom Milamanu, tamat serat lajeng nangis, Lokagiwa kaniayaa, asa bet teu nyana teuing, ayeuna wani ka budak, keur aya ama teu wani.
  4. Mang patih ku maha atuh mun urang ngalawan, jurit, tangtu bae moal kuat, kapaksa ngirim upeti, nya dalah atuh kurnaha, susahna di penta nagri.
  5. Cing kumaha anu mulus, emang patih mangga nuli.s, perkawis abdi mah lillah, saban taun rek upeti, mung leresan ku nagara, panuhun tong bendu galih.
  6. Ku putra moal kahatur, sakitu bae mang patih, raden patih lajeng nyerat, harita beres tarapti, harita keneh geus iang dibawa ku hiji mantri.
  7. Ka Lokagawi geus cunduk, surat ku ratu katampi, diaos kahartos pisan, geus ditilep deui tulis, gumujeng mani ngagakgak, Si Manu hayangeun mati
  8. Ayeuna teh patih kudu takol bende, masing nitir kumpulkeun sakabeh balad, ulah aya nu kari, sumawona anu dagang, sabot sajero nagri.
  9. Kudu jga saban garduh, larang ka centaka puri, tahan dagang hanteu meunang, kadaharan warna-warni, sabab negara centaka, sina kalaparan deui.
  10. Sagala taya nu tuwuh, cindekna taya nu jadi, lamun teu ti Lokajiwa, kadaharanan pasti, rayatna tangtu kalantar, kalaparan tuluy mati.