Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/155

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
146
 
  1. Dipundut Ku Nu Rahayu, dihinpinasti anyar panggih, dicandak Ku Nu Kagungan, dipulangsara Iastari, ratu sepuh kantun jenat, dagang koma sepi.
  2. Sang ratu mung kantun tunggul, garwa putra nararangis, para pangampih midangdam, tibelat ka anu mulih, kantun pasrah serah kadar, nampi kadaring Illahi.
  3. Den patih lajeng ngadawuh, eh ayeuna para mantri, sumawon aria jaksa, rehing ayeuna di nagri, ratu sepuh parantos wapat, ku putrana urang ganti.
  4. Ku raden Milama, nu ngagentos jenengan aji, sadayana sing uninga, sumawona abdi-abdi, geledug mareim sada, tawisna jenengan narpati.
  5. Balad surakna ngaguruh, tawis ngiring bingah galih, ka prabu anom centaka, sareng teras nyieun tulis.
  6. Den mantri nu diutus, tunggang kuda lumpat tarik, di jalanna hanteu kocap, harita parantos dugi, lumebet kana kaca-kaca, ka paseban parantos sumping.
  7. Lajeng ngadeuheus ka ratu, nyembah bari mikeun tulis, serat ku raja dibuka, unggelna enggeus kaharti, nguningakeun gentos raja, ratu loka bingah galih.
  8. Rupi atoh liwat langkung, nepak dada bari seuri, itu diayeuna mah, si ratu pamuk geus mati, rek dipenta nagarana, ku aing arek dilandih.
  9. Perkara si milamanu, aing teu sieun saeutik, sieun soteh ku bapana, hayoh patih geura nulis, walonan centakapura, raden patih lajeng nulis.
  10. Ungelna serat kahatur, Milamanu di nagri, serat raden katarima, putra ulah bendu galih, emang moal kumawula, ayeuna rek malik tali.