Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/154

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
145
 
manganti, panganten harita lungsur, di masjid geus dirapalan, bingah galih putra putri, nu nyawer nganti-nganti di paseban.

Pupub Kinanti

  1. Jagong tuhur meunang ngunun, dunungan bagea sumping, cikur jangkung pamuraan, anaking paralay teuing, tutut gunung keong reuma, sumangga geura gek linggih.
  2. Beres nyawer surak ribut, mariem diseungeut tarik, tatabeuhan geus disada, geueuman asa kaindit, geus walimah lajeng pesta, tujuh dinten tujuh wengi.
  3. Nu pesta ayeuna langkung, panganten ulah diintip, diselang heula carita, caturkeun sahiji nagri, nelahna Centakapura, raja gagah pilih tanding.
  4. Mangsa eta eukeur ngungun, reh paila lebet nagri, hanteu jadi pepelakan, pare gandum jagong hui, sakur bangsa katuangan, teu jadi kirang ku cai.
  5. Geus sataun hujan suwung, panasna kaliwat saking, rayat ampir kalaparan, hadena aya nu ngirim ti nagara nu boyongan, ti Lokagiwa nagari.
  6. Nagara boyongan nulung, anu dagang balawiri, sanes kana kadaharan, taya kakurangan deui, ramena kabina-bina, nagri resik liwat saking.
  7. Kamashur namina ratu, Raja Seh Rut Alam Tobib, kagungana sahiji putra, ibu rama di asih, pameget estu jatnika, raden Milama nu nami.
  8. Yuswa duapuluh taun, dienod kawanti-wanti, barang dina hiji mangsa, henteu kenging mungkir deui, sang ratu dugi panyawat, dugi kana titis tulis.