Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/153

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
144
 
  1. Dongkap payuneun ramana, ku ratu disambat linggih, cing enung ka dieu geuwat, geura calik dina korsi, tah ieu tamu nyai, pek geura aku ku enung, gan putri gumeter manah, aduh ieu bagja teuing, sugan bae badan teh kapiduriat.
  2. Lamun laksana ka dinya, eh kumaha bae diri, paeh ge teu panasaran, kitu mana agan putri, gan putra kitu deui, ningal putri nyeblak kalbu, kumejot lebeting manah, kapincut ku imut sari, tinglalaret deundeun semu dina soca.
  3. Ratu dermis geus ngandika, tah den mugi katampi, ieu teh kanggo geureuha, anak ama anu laip, den putra nyembah.
  4. Tadi, pangasih ama kasuhun, ratu dermis bingah manah ku sepuh mah tos kajudi, agan putri harita enggeus munjungan.
  5. Barang nuju sasalaman, panangan putri diciwit, dibales di jembel ngejat, panangan kandar kasisi, gan putri ngegel biwir, mutuh ku matak kayungyung, mun sanes payuneun rama, dikumaha boa teuing, raja dermis ngandika ka den Tanapa.
  6. Embarkeun buta perlaya, takol bende sina nitir, sina ka kuping ku balad, Tanapa nyembah jeung indit, nakol bende, geus nitir, nu nguping kaget kalangkung, pada barijil ka luar, siga anu suka ati, lalumpatan pada hayang nenjo buta.
  7. Ratu nyaur ka ponggawa, he sadaya parajurit, ayeuna geuwat sadia, kumpulkeun eusi nagri, karasmenan sing sayagi, pek kelun ti saban kampung, kami rek mestakeun anak , nika hkeun puputon dermis, ka sastria nu maehan buta tea.
  8. Balad-balad kabeh ubyag, wantu parentahan gusti, sakedap geus saradia, meja korsi geus ngabaris, putra sinareng putri, panganggona hurung mancur, tukang hias pinter pisan, pangantenna nitih joli, lajeng jengkar ger surak wadia balad.
  9. Gandeng sora tatabeuhan, geus melung nu tembang tarik, lengeudeut anu helaran, dialus-alus nguriling, mayak di sri