Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/152

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
143
 
  1. Di jalanana gagancangan, dongkap ka payuneun gusti, cong nyembah bari ngandika, kulanun salira gusti, ayeuna enggal linggih, ku rama ratu disaur, prabu anom lajeng angkat, den Tunapa anu ngiring, lugay medal geus ngantunkeun kapatihan.
  2. Den Putra parantos dongkap, dipapang ku raja dermis, dituyun dicandak lenggah, kaget lebeting panggalih, den Lalana nyembah nyaur, kulanun dawuh gamparan, nuhun diparios abdi, dupi kawit prabu anon ti Tunjungbang.
  3. Numawi ka dieu dongkap, nuju tengah leuweung rumbit, di candak ku den Tanapa, mundut pitulung ti abdi, reh nagri dermis werit, aya dua buta ngamuk, tab kitu eta margina, numawi ka dieu dugi, abdi gusti rumaos tos kumalancang.
  4. Neda hapunten ngalanggar, margi kaserepan teuing, ku eta buta nu dua, abdi henteu kenging nyingkir, ditingker kanan kiri, kapaksa buta dibunuh, abdi teu nguninga heula, mugi ulah bendu galih, raja demis gumujeng mani ngagakgak.
  5. Raden ulah aya manah, ama rebu nuhun teuing, malah aya pakadaran, ama boga anak hiji, lumayan mun kagalih, nyanggakeun ka raden estu, pasrah lilah nyanggakeun katut eusina.
  6. Lajeng nyaur hiji emban, bibi aced, geuwat indit, ayeuna saur dunungan, anak kami anu geulis, buru-buru dianti, emban aced gura-giru, enggeus datang ka kaputren, tuluy ngadeuheus ka putri, aduh agan enggal disaur ka ama.
  7. Agan putri lajeng dangdan, harita enggeus tarapti, hideung koneng da lain, nu santen miyuni lucu, taktak lir tarajau emas, sampayan pamuket ati, ramo mecut lalancip tarik ciwitna.
  8. Lir pisin nangkub imbitna, kagigir namping saeutik, ditingal ti payun lenjang, sipat rapih nyaparipih, pamilih jatnika rintih, pinareup ngabuah butun, raray bunder lemes pisan, bulu socana carentik, lambey ipis perwatek tarik ngenyotna .