Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/151

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

142

1054. Teu kadenge eta buta eukeur ngaprak, ti kamari henteu balik, ngawalon tanapa, ibu ulah salempang, buta ayeuna geus mati, ku gan Lalana, prabu anom lajeng linggih.

Pupuh Sinom

1055. Raden Tanapa unjukan, ka parabu anom raspati, gamparan di dieu lenggah, dikantun heula ku abdi, unjukan heula ka gusti, harita keneh ge lungsur, bade nguninga ka raja, di jalan teu aya jalmi, rahe comrek tiiseun kabina-bina.

1056. Asal sakitu ramena, harita mah jadi sepi, bangun narik kolot pisan da puguh sadaya jalmi, paur sinareng gimir, dikonci sadaya pintu, sadaya taya nu muka, jalmi taya anu bijil, kangjeng raja, ningkeb anjeun di bumina.

1057. Diketrokan ku Tanapa, mani sabaraha kali, sang ratu bangun kasima, teu dibuka anggur cicing, nu ngetrokan terus tarik, Tanapa barina nayur, mangga gusti enggal buka, pun Tanapa ieu abdi, ulah reuwas margi buta tos perlaya.

1058. Ratu nguliat kalawang, ngalahirna rada tarik, naha bener buta modar, leres ceuk Tanapa deui, panto dibuka gasik, raden Tanapa geus asup, cong nyembah ngandika, pamugi janten tingali, buta tea ayeuna kantun bugangna.

1059. Ku saha saur sang TaJd, Tanapa ngawalon ta'dim, sumuhun kersa paduka, matina eta raseksi, ku prabu anom gusti, den Lalana kaulanun, satria ratu Tunjungbang, ratu dermis bingah galih, seug ngalahir mana atuh ayeuna .

1060. Jayatanapa unjukan, aya di rorompok abdi, ayeuna nuju ngan-tosan, ratu dermis seug ngalahir, geuwat pek atuh indit, prabu anom geura susul, wartoskeun dihaturanan, den Tanapa nyembah pamit, geus ka luar rek mapag den Lalana.