Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/150

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

141

1044. Pada kuat eta buta anu perang, tiisuk nepi kaburit, taya nu kasoran, bedas sarua bedasna, hanteu eureun tacan peuting, terus perangna nepi kaisukna deui.

1045. Pan cape buta opat tarangginas, kesangna morolok bijil, ku tangkal kalapa pada silih babuk tarang, taya nu rubuh sahiji, remuk tangkalna, tuluy bae gelut deui.

1046. Ki denewa ki denewi ampir kalah, kasered ku buta denis, geus dengdek sabeulah, siga anu rek tijengkang, nahan bari semu nyengir, karek sasambat agan neda tulung abdi.

1047. Mangga angkat ieu abdi tigolepak, sumaur raden raspati, ngagilir denawa, ku kami arek dipanah, bisi katiir jampa-ring, gondewa mentang ngahiung pesat jamparing.

1048. Mener pisan ka buta anu duaan, buta rena buta renis, katiir ku panah huluna mani kapanggang, rampung kabawa jamparing, pisah jeung awak, buta dua geus marati.

1049. Ngabugig di alun-alun awakna, denewa denewi seuri, naha dipaehan, ku abdi rek ditalian, pikieun panakawan abdi, saur den putra, geuning maneh tadi ceurik.

1050. Harita teh satria Jaya Tunapa, ti awang-awang ningal bari tunggang kuda, lajeng lungsur ti angkasa, turun tina sambarani saur den putra, kumaha ayeuna rayi.

1051. Ieu buta duanana anggeus modar, Den Tunapa nyembah ta'dim, mangga ayeuna mah, gamparan teh kedah lenggah, ka rorompok abdi gusti, lajeng arangkat, ngabujeng bumi patih.

1052. Lajeng angkat Jayalalana duaan, denewi mah musnah deui, dongkap ka bumina, tanapa teras ngetrokan, kana panto jeung ngalahir, buka panto buka, ibuna-ibuna nambalang bengis.

1053. Bangun sieun sorana haharewosan, di luar teh saha deui, kutrak-ketrok cua, kawas jalma anu gundam, siga teu sieun ku jurig, anu keur motah, naha maneh teh teu ngimpi.