Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/149

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

140

harita kaluar pek rayi eta tutunggangan, sambarani ati-ati, ku maneh bawa, di awang-awang rigulinting.

1035. Den Tunapa ngadenge geus tunggang kuda, melesat ka luhur tarik, kocap eta buta, panggih jeung Raden Lalana, buta moro bari seuri, lakadalah na keur naon budak leutik.

1036. Saur raden kapan keur megat ka sia, buta ngagakgak seuri aduh wani pisan, ditincak ge sia modar, Jayalalana ngalahir, geura pek tincak geura tewak awak aing.

1037. Buta dua ngarontok ka Raden Putra, namung raden nyingcet kesit, bitisna disepak, dua buta teh nangkarak, aduh biung peuheru teuing, sepakan budak, siga anak gelap badis.

1038. Pada napsu eta buta duanana, bareng ngarontok sakali, raden ngejat luncat, ka luhur kana taktakna, buta dua ting arilik, kamana budak, dijarejek punduk jurig.

1039. Duanana tijengkang pada nangkarak, aduh biung nyeri teuing, bet taya karunya, leutik-leutik matak modar, hayu rayi tewak deui, urang sobat jangan ditu teuing.

1040. Kalua sabangsa saudara satu darah, sampe uyuhan ka sini, musti ingetan, satu markas sama kami.

1041. Montong ngomong ceuk Denewi bari meta, repeh tong kalahkah biwir, sia teh campelak dunungan aing dilawan, ayeuna mah reujeung aing, sok urang perang, pada buta ngarah tanding.

1042. Pada wani silih rontok buta opat, silih tonjok silih banting taya nu kasoran, wantu buta pada bedas, pada silih gegel tarik, taya nu teurak sihungna mani pabeulit.

1043. Alun-alun ledug mani paburisat, rarungkad tangkal caringin, babancong rarebah dipake nojer ku buta, eundeur sanagri dermis buta galungan embung eleh sahiji.