Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/148

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

139

1026. Saha bae nu tiasa, nu maehan buta dua anu dengki, tanwande didamel ratu, ditikahkeun ka putrana, kanu geulis Erum Ningrat Lasmi Ayu, mugia gisti keresa, angkat ka nagara Dermis.

1027. Prabu anom seug ngandika, teu sawios mangga kakang nulung rayi, lajeng ti gunung lalungsur, kakosapkeun di nagara, keur meujeuhna ramena mani pahibut, palajurit rebu laksa, diatur beres ngabaris.

1028. Nu megat buta tea, sardadu sadia tumbak jeung bedil, buta dua enggeus turun nyeak lir hujan cilantang, geus ngadingding tembongna mani ngaguruh, nenjo ka balad calangap, perjurit mundur saeutik.

Pupuh Durma

1029. Waja balad nenjo buta sami gila, kasarima parajurit ninggallceun jagaan, lalumpat labuh ngdapang, bari ngaheumpikan bedil, rupana pias, sora bedil mani jempling.

1030. Buta dua leumpangna pating jaligrah, semu nu taya kagirnir, buukna teh gimbal, biwir jeding huntu nanggah, ceulina sagede tampir, buluan dada, sihunga mani palasit.

1031. Nu katewak ku buta tuluy dihakan, siga anu mahmah mihmih, catur Den Lalana, jeung Raden Jayatanapa, ka alun-alun dumugi, buta keur motah, di nu iuh Raden calik.

1032. Den Tanapa ka prabu anom unjukan, duh kumaha abdi gusti, ningal buta gila, teu wantun nyaketan pisan, margi pun bapa ge mati, dihakan buta, komo deui diri abdi.

1033. Saur Raden he rayi Jaya Tunapa, ulah rek salempang galih, keun kumaha kakang, tanpa nyembah unjukan, abdi paur liwat saking, adnh .gamparan, ka mana nya nyumput abdi.

1034. Den Lalana lajeng nyauran ka kuda, kuda hejo sambarani,