Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/147

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
138
 
1018. Nyampeurkeun ka buta dua, nyabut keris teu aya pasini deui, gejos buta teh disuduk, kerisna teh henteu teurak, raden patih ku dua buta diburu, ditewak lindeuk kacida, disasak tuluy mati.
1019. Salirana teh pasiksak, harita ge raden patih teh lastari, buta ka kota ngaburu, di nagara jempe pisan, di jalan ge taya jalma nu lumantung, sakabeh taya nu lunta, marintu maneh di bumi.
1020. Sumawona Kangjeng Raja, teu ka luar dikoncian kabeh buni, putra garwa sami nyumput, buta nu dua ngaranjah, saban poe di nagara ting lalantung, kocap sahiji satria, nya eta Den Patih.
1021. Saparantos pupus rama, lajeng bae ngalolos ka leuweung kai, turun gunung unggah gunung, Satria Jaya Tanapa tengah leuewung jeung Prabu Anom patepung, sami kaget duanana, nyalondo tanpa ajrih.
1022. Ningal komara sasmita, ka Den putra cahyana mani dumeling, Prabu Anom seug ngadawuh, rayi teh anu ti mana, naon maksud tengah leuweung luwang-liwung, Jaya Tanapa seug nyembah, unjukan kalangkung tadim.
1023. Kulanun dawuh gamparan, jisim abdi upami percanten gusti, tedak dayeuh nuju kabur, kawit mah Dermis nagara, anak patih mung ayeuna parantos pupus, dikoha huta jahat nuju werit lebet nagri.
1024. Abdi naros ka gamparan, damel naon anu mawi aya di bukit, Raden Lalana ngawangsul, saenyana ieu kami, aya hiji rupi anu dimaksud, Kakang teh Raya Tunjungbang, ngabujeng centaka puri.
1025. Jaya Tanapa unjukan, nuhun rebu sareng gusti abdi panggih, upami gamparan sapuk, abdi neda ditulungan, margi rayat ayeuna teh nuju bingung, malah-malah kangjeng raja, dugi sayembara putri.