Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/146

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
137
 
sapanjangna bisa mulus, moal mendakan halangan, cedok nyembah Nujuk Sidik.
1011. Duh Gusti putra gamparan, ageung pisan bahlana teh agan Putri, moal lepat kaulaun, putra teh dipaling buta, malah-malah eta teh buta ti gunung, dina sasih ieu pisan, buta dua tukang jail.
1012. Lenggerek Maha Raja. nguping nujum piunjukna anu sidik, ka patih enggal ngadawuh, eh patih atuh ayeuna, sing sadía kumpulkeun kabeh sardadu, geura alur halad-balad, ulah aya nu kari.
1013. Sadiakeun tumbak pedang, jeung mariem kalantaka bedil cuplis, ulah rek elat sardadu, saban poe kudu jaga, enggeus budal harita, mani ngaguruh, sardadu pada ariang, sumawona ponggawa mantri.
1014. Kacaturkeun dua buta, namina leh Buta Renas Buw Renis, harita turun ti gunung seja maling putri tea, geus ngaguruh leumpangna cundeur fir gugur, kai kasorang rarebah, batu cadas tinggaruling.
1015. Jauhna teh ka nagara, kira-kira lampahna sabulan leuwih, lamun kasorang lumaku, harita buta geus dalang, tilu poe geus datang ka sisi kampung, nu ngajaga kaget pisan, kasima tuluy ngalacir.
1016. Bula noyod ka nagara, geus katembong kunu jaga ti nagari, mariem diseungeut jegur, pelor laya nu teurak, manan teurak malah meber siga nyirų, nu ngajaga lalumpatan, cul bedil nyarumput buni.
1017. Sawareh anu kasima, jongjon nangtung teu ngiceup mata buncelik, sawareh nanagkeup bulu, ku huta teh ditewakan, sahuap ku buta dilegleg terus, hiji ge taya nu kuat, kakocapkeun raden patih.