Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/145

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
136
 
alina eunggeus disusut, jol dongkap jin nu duaan, saur Raden paman patih buru-buru, ieu surat teundeun dina meja.
1003. Tida teuing leungiteun ku awak kami, surat ku jin geus dibantun, ngalayang ka awang-awang, nyewuk tanding angin puyuh nu lumaku, nyirorot ti awang-awang, ajong ka Tanjungbang Nagri.
1004. Surat teh lajeng ditunda, dikaputren dina meja agan putri, dua patih jin geus ngantun, catur deui eta surat, ku gan putri harita geus katimu, tetela surat ti raka, dibuka dibarung nangis.
1005. Dina unggelna eta surat, duh dunungan jungjunan engkang anu geulis, mugi ulah alit kalbu, ayeuna teh apan engkang, tengah alas teu terang di kaler kidul, duka saha anu mawa, hanteu kaharti saeutik.
1006. lnget geus di tengah alas, tong kapalang sabar agan nganti nganti, ayeuna wayahna enu.ng, paturay heula jeung engkang, masing sabar tumampi kadar yang agung, mangga te mpoan heula moal lami dua sasih.
1007. Barang tamat ngaos serat, putri lumpat nguninga ka rama aji, serat disanggakeun tuluy, ku ramana geus dibuka, geus kahartos unggel serat geuning kitu, nya dalah atuh kumaha, da geus pasti ti ajali.
1008. Kocapkeun Jayalalana prabu anom leuleuweungan siang wengi, ka centa kanu dijugjug, aprak-aprakan di alas, mipir pasir nyukanag lebak unggah gunung, lamina geus tilu bulan, Den Lalana tacan nepi.
1009. Kaselang heula carita, nyaritakeun aya sahiji nagari, nagri Dermis anu mashur, kagungngan sahiji putra, putra istri geulisna kawanti-wanti.
1010. Ari dina hiji mangsa, seug ngadawuh raja ka Ki Nujum Sidik, he kumaha ieu nujum, anak kami Erum Ningrat, naha bagja