Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/144

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
135
 
  1. Sahiji ge taya nu kari di nagri, sareng panganggo, dipaasihkeun harita keneh, raden Jaya Raspati, ku Den Lalana ditampi, bingah bari imut.
  2. Saur Resi Raden ayeuna pek indit, didungakeun enong, parantos nyaur sang Pandita teh teu katingal musna leungit, kantun Den Jaya Raspati, malikan kapungkur.


Papub Pangkur

  1. Kakocapkeun di nagara, agan putri gugah kulem kaget galih, engkang bei ngantunkeun lungsur, lajeng dibujeng ka jamban, henteu aya engkang teh ka mana atuh, agan putri agaro singsat, rakana henteu kapanggih.
  2. Lajeng ngadeuheus ka rama, rek ngunjukeun gan putri parantos leungit, ramana kaget ngadangu, ngupingkeun lahir putrana, agan putri nyaurna dibarung nyvuh, duh ama urang cilaka, kang anom ngantum ka abdi.
  3. Dipilari teu kapendak, atos weleh milaraian jisim abdi, ratu sepuh hemeng kalbu, na ka mana atuh agan, tajeng lungsur di lebet teras pahibut, putri nangis jejeritan, dirubung ku para istri.
  4. Ear nu maridangdam, ratu sepuh sareng garwa prameswari, di pangkuleman ngudupung, sami-sami keleteban, anu nyusul anu ngetan anu ngidul, palih cuh-cih tunggang kuda, para manti ting kuriling.
  5. Nu megat di paraptan, nanaroskeun ka sadaya abdi-abdi, namung tetep raden suwung, disraksrak ka pakampungan, nu milari lamina enggeus saminggu, weleh raden teu kapendak Tunjungbang nadah prihatin.
  6. Tunda heula anu neangan, catur deui ayeuna Raden Raspati,