Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/143

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
134
 
985. Saur resi, lamun raden can tingali, heug aki carios, teh ieu anu hianat teh setan tukang gawe jail, kapungkur nyurup ka putri, di tanjung kadatun.
986. Maksudna teh nya ayeuna males pati, den putra ngawalon, aduh eyang jisim abdi teh, manawi aya paidin, ayeuna baden diberik, tuman rek disusul.
987. Walon resi agan eyang hanteu idin, sabab bongan enong, tacan cekap pangartos teh, rusuh ngajadi bopati, eyeuna turutkeun aki, elmu raden sipuh.
988. Hartina teh raden kudu bisa nyaring, hate mah moncorong, bisa inget sanajan sare, nya tina elmu gaib, ku hidep tacan kapanggih, di wujud sing gulung.
989. Naha hidep ayeuna beunang dipaling, tanda masih bodo, can ngahiji usik malik teh, gumulung jeung nu sahiji, nam ayeuna geura indit, ku hedep pek buru.
990. Geura jugjug ka nagri Gentrakapuri, ratuna kasohor, ratu gagah linuwih sareh, ngagem elmu anu sakti, namung ayeuna geus mati, ka putrana turun.
991. Anu bakal ngagentos rama diahir, reh manggih prihatos, meunang cangcala susah gede, kudu tulung ku anaking, mun geus bisa nulung pasti, etmu raden manjur.
992. Sabab eta wirasat karamat wali, tangtu matak kahot, ari kasusahna teh, mangka diahir kapanggih, mo dibikeun ku aki, kapendak dipayun.
993. Prabu Anom ngawalon sareng ta'dim, nyembah handap asor, nuhun rebu taksa abdi teh, namung sesah jisim abdi perkawis parabot wacis, sadaya kakantun.
994. Saur resi eta mah tong susah galih, keun eyang nu nyokot, resi peureum ngagupah bae, harita jimat kacangking, digupayan ku resi jin, jimat kabeh kumpul.