Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/142

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
133
 
kasampak raden ngajempling, den Lalana harita keur kulem tibra.
976. Harita leh pukul dua, setan bungah bari seuri, lakadalah aing bagja, ayeuna rek males pati, geus benteu tata deui, Jayalalana dirawu, kaluar ti lebet kamar, nu kulem leu lilir-lilir, geus di bawa nu kulem bijil kaluar.


Pupuh Mijil

977. Dipanggul ku setan jaya respati, bari banget atoh, geus mangsana ayeuna sia leb, aing arek males pati, barelo bongan diusir, ayeuna rek naur.
978. Prabu anom jongjon kulem banteu lilir, ku setan digandong, terus ka awang-awang bae, dina mega sumiripit, ku setan nu gawe jail, lalana di lubur.
979. Tuluy turun ela selan sanggeus tebib, tengah leuweung ganggong, sok diteundeun nu kulem raden, namung tibra hanteu lilir, ngagoler di leuweung kai, setan tuluy mungkur.
980. Waktos raden enjing-enjing llir, ngusap raray bengong, larat-leret manahna kaget, paraosan asa ngimpi, ngusap raray hemeng galib, bari nangkeup tuur.
981. Raden nyaur dina salebetíng galih, bari nyusut panon, eb naha ieu aing teh, ayeuna tengah leuweung kai, sabaa anu gawe jail, napsu lebet kalbu.
982. Sareng bingbang tetep bae, kagalih ngemutkeun talakon, lajeng ngadeg mayun kaler, raden wuwudon buligir, taya pangganggo sacewir, lajeng bae diuk.
983. Hanteu lami jol bae aya susumping, aki-aki bongkok, nyaeta eyangna raden, dongkapna teu katingali, raden anom nyembah tadim, ka eyang sumujud.
984. Sang pandita ngalahir semu nu asib, na Raden ku naon, matak aya tengah leuweung teb, raden ngawalon nangis, aduh eyang ieu abdi, teu ngartos kulanun.