Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/141

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
132
 
anu susuguh, warna-warni katuangan, menak abdi geus kabagi, sami recok ngarantosan katuangan.
968. Caturkeun dina enjingna, pangkat-pangkat geus pabuis, urus-urus kangge pest, perhiasan salebet nagri, puade matak resmi, lampu-lampu mani rantuy, damar sewuna ngajajar, tatabeuhan geus sayagi, harita tatalu pangangkat pesta.
969. Nu ngangge baksa sadia, nyandak kekemben ngabagi, para mojang geus ngajajar, sami nyandak damar lilin, ngibingna renggong manis, bendrong jeung berenuk mundur, rancag udan emas, geus maranti ti kamari langkung bingah nu ngaribing menak-menak.
970. Aki Boja teh ngorejat, tina korsi tuluy indit, cedok nyembah ngadeuheusan ka den raspati, prabu anom ngalahir, empek aki geura kaula, sarja bari kudu ijab, ngadoa salamet aki, aki Boja cedok menta tandak.
971. Hayoh panjak kudu nyora, poma kudu ati-ati, pacuan salah gong, ieu uing arek ngibing, senggak nu maranti, ponggawa tuluy narantung, ngaleprokan aki Boja, model ngigelna ge muih, aki nitah dikeprokan ku ponggawa.
972. Lumut leet kesang ngucur kesang tuntungna tuluy tiguling, cape teuing beak karep, lieur bongana nguriling, ngadegdeg jeung buncelik, ambekan ngahanju, beungetna pias pisan, ngagoler siga teu eling, anu kaul digotong ku pra ponggawa.
973. Haturan pesta lekasaan, pra ratu geus marulih, sanagrina-sanagrina rehe combrek di nagri, tilas rame teh teuing, ayeuna mung kantun tunduh, ngagoler sami talibra, kitu deui den raspati, mabok pesta lumebet ka pangkuleman.
974. Di selang heula carita, malikan kapungkur deui, nyarioskeun setan tea, nu lagrag tengah jaladri, keur waktos ditunjungpuri, sumurup ka putri ayu, dipanah ku den putra, eta setan karek eling, hate na mah hayang males ka den putra.
975. Geus mumbul ka awang-awang, bari hanteu weteb mikir, harita geus terus rasa, uningaeun den raspati, aya di tunjungbang