Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/140

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
131
 
959. Ninggal gan putri kabita, leuwih hade aing mati, tinimbang kawiwiraangna, hirup ge tugenah didi, Gandulaya ngalhir, kaulanaaun gaduh piunjuk, abdi hoyong dipaehan, hirup ge percumah teuing, margi wirang saumur aya didunya.
960. Prabu Anom teh ngandika, lamun kitu mah den patih, Gandalaya pek panjara, sarta dijaraga deui, kajeun nepi ka mati , lamun teu daekeun taluk, ku patih lajeng dicandak, ka panjara geus diiring, dilebtkeun patih ka pangberokan.
961. Nu kantun wungkul para raja, anu saratus nagri, sadaya sami sumerah, taraluk sumeja ngabdi, saban taun upeti, ka prabu anom tunjung, Boja nguping raja-raja, serah bongkokan ka gusti, cedok nyembah aki Boja teh unjukan.
962. Peremios aki agan, manawi aya paidin, aki rek mariksa raja, sareng hayang wawuh deui, saur raden pek aki, aki Boja tuluy nangtung, nyampeurkeun ka patalukan, gantana gantini aki, baju takwa dibeubeu carecet madras.
963. Pinuh kacatut juruna, ki boja taya kagimir, kancing gilang dua jajar, dhem bari ngusap birit~ payuneun para bopati, barina tuluy sumaur, he ayeuna sakabeh raja, poma kudu taringali, kudu nyaho kaula eyangna raja.
964. Supados anjeun uninga, kula asisor nagara, dedelna nagri tunjungbang, nya kula tukang ngajaring, mun aya musuh pelit, kula nu sanggup ngarangkul, mangga anjeun sing waspada, kudu aradat ka aki, sabab aki lain jalma lalawora.
965. Para ratu ngawalonan, duh kantenan bae aki, nuhun dipasihan terang, bob bilih kaula sisip, kawantu anyar panggih, ki Boja ngupingkeun imut, ratu saratus ngawula, tuluy ngigel suka ati, bari emprak dibarung nepakan dada.
966. Urang bujengkeun carita, saparantos taluk aji, prabu anom ngadaeuhan, he sadayana paman aji, manggaa urang ka nagri, ulah aya nu kantun , urang pesta sukan-sukan, lajeng jengkar para aji, ngaleungeudeut ngiring ka raden putra.
967. Di jalan ngaguruh surak, darongkap ka tepiswiring, sami bingah sadayana, ka panciniti sarumping, lalengah pra bopati, pahibut