Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/139

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
130
 
  1. Agan anom ka patih Gagahi nyaur, mangga enggal paman Patya, ratu-ratu teh sakabeh, nu boyongan kaluarkeun ti panjara.
  2. Diiring patih sakitan ti pungkur, dongkap teh dibukaan sadayana geus kaluar.
  3. Diiring patih sakitan ti pungkur, dongkap payuneun sang raja, lajeng lungsur nu anom teh, den Lalana mariks kabeh boyongan.
  4. Kabeh raja kumaha na arek taluk, atawana seja baha, mun moal tangtu maneh teh, ieu kabeh ku kula rek dipaehan.
  5. Pada nyembah raja-raja kabeh sujud, abdi sumeja ngawula, mung nyuhunkeun hirup bae, siang wengi seja tumut ka gamparan.
  6. Saban tahun nyanggakeun upeti tangtu , ti abdi sadaya raja, 2 parantos rempag sakabeh, prabo anom ngupingkeun suka manahna.
  7. Kantun hiji Den Gandulaya nu mashur, teu acan dipariksa, nya lajeng disaur bae, kumaha maneh ayeuna Gandulaya.
  8. Na rek taluk atawa maneh rek ngamuk, Gandulaya ngawalonan, kula mikir heula bae, menta tempo sakedap anu nonoman.


Pupuh Sinom

  1. Gan putri disindiran, ka prabu anom jeung nyiwit, kutan ieu nu ngalamar, anu hayangeun ka abdi, naha teu pantes teuing, sugan tea hayang pupuh, ngemplek jawer nganda jangjang, sihoreng hayam kabiri, can dipacok kumeok eleh ku bikang.
  2. Dupi saur den Lalana, ngahuit ka agan putri, ulah kitu sasauran, et mah kacida teuing, bisi isineun geulis, Gandalaya hanteu nyaur, wirangna kabina-bina, hanjakal ningal gan putri, teu kamilik aya bagja teu daulat.