Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/138

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
129
 
  1. Aki ka nini teh nyentak, bangkarwarah boro mah andelan aing, talung aing lamun kitu, aing mah sok mindeng tumpak, eukeur bujang bahaeula waktu di lembur, sabab deukeut tukang jagal, saban poe moe kulit.
  2. Kulit munding kulit kuda, ditumpakah ku aing di imah cicing, ngan tacan numpak nu hidup, walon nini kadongora, anongtorongan aki-aki goreng patut, nyaritakeun kuda modar, aki seuri mucung budi.

Pupuh Pucung

  1. Saur putri Bismillah ayeuna hayu, aki geura tumpak kuda, aki jeung nini ngadegdeg, reuwas pisan ditumpaken kana kuda.
  2. Aki Boja tumpak kudana murungkut, bari nyekel jampogna, geregep sela digegel, jeba-jebi ngarenghap ambekan nana.
  3. Nini aki ku upacara mangka bade, suku kuring opat pek kudu cekalan.
  4. Mangkahade ngajagana bisi kabur, sarta entong sina lumpat, deuleu palaur kuring teh, aki Boja kasima kiina sela.
  5. Aki nini euweuh angen-angen hirup, keur kitu kuda isada, ngajerit nini ngadengek, nini Boja kekejek bari nyarekan.
  6. Bangkarwarah nu ngajaga ucut burung, naha kuda sina leumpang, jeung ulah 1isadana gandeng, lalawora bisi aing, engke sowak.
  7. Aki nini tumpak kuda diruruban, diarobeng upacara, pageuh kana sela ngegel, agan putri enggeus jengkar padaleman.
  8. Kuda naggebos aki ieu empek tulung, ieu aing sieun ragrag, alaah ieung bujur lecet, lamun ragrag aing teh tangtu cilaka.
  9. Agan putri ka pasanggrahan geus cunduk, ku raden lajeng dipapag, nu lungsur lajeng dikaleng, ku ramana digondeng putri jeung putra.
  10. Seug lalanggaah di pasanggrahan ngariung, agan putri bingah manah, jeung raka calik ngarendeng, nu baluas harita kantun kagagas.