Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/137

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
128
 
geus ditutup, pinuh dilebet panjara, den Lalana sareng maha ratu sepuh,lalinggih dipasanggrahan, ratu sepuh bingah galih.
  1. Ngariung barang tuang, nyarioskeun lampah perang suka ati, pnggawa mantri ngaguruh, sukana kabina-bina, pada muji sadayana ka mantu ratu, kabeneran bae urang, boga gusti gagah sakti.
  2. Saparantos barang-tuang, prabu anom lajeng miwarang ka patih, keiu raden nya sumaur, paman patih miwaraangn, nu percekanu kira beunang diutus, piwarangan ngawartosan, ka dayeuh ngogan neng putri.
  3. Sina kadieu ayeuna, kedah sumping ka pasanggrahan, den putri, den patih angkatna rusuh, nimbalana ka upacara, maneh geuwat ngadeuheus ka putri ayu, pek wartoskeun kengeng perang, sarng putri kedah linggih.
  4. Upacara nyembah lumpat, sinjang nyinset lumpatna bari ngabigbrig, dina jalan hanteu dicatur, ka kaputren geus dongkap, sor ngadeuheus. ka putri bari miunjuk, gamparan dihaturanan, dipasanggrahan diantos.
  5. Saur putri na kumaha, anu perang saha nu meunang jurit, eek upas raja nu unggul, raja saratus kabaandang, ayeuna ge sadayana geus ditutup, di tahan dipanjara, ka boyong ku raka gusti.
  6. Gan putri kalangkung bingah, lajeng bae nimbalan sahiji usir, pek pasang kareta kuda, kusir lapos sadia, mung kantun jeung pasang ban kareta cukup, Gan Putri nganggo sadia, aki nini kitu deui.
  7. Aki Boja seug darangdan, mararidang aki jeung nini garinding, gan putri lajeng ngadawuh, nini kudu pasang kuda, sareng aki pikeun palatuk ti payun, aki nini reuwas pisan, ngadawuhan putri.
  8. Nini naha sia bisa, kudu tumpak kuda saur gan putri, nini Boja teh murungkut, boro-boro kami bisa, tumpak kuda ngarampa tacan saumur, kami mah palias tobat, papanggih ge murindin.