Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/136

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
127
 

ge aya diu, ngomongna jeung lulumpatan, tuluy mubus ka sedong rek menta tulung, nu sasambat ka mitoha, nu kalanceuk nu ka adi.

Anu nyambat kabogohna, aduh nyai dungakeun akang ku nyai, sugan aya milik hirup, bisa tulus ka ranjang, aceuk paeh diganti ku nyai tuluy, akang mola panasaran, mun tulus ka awak nyai.

Warna-wami nu sasambat, kacapangan aya nu menta ka nini, buta dua ngamuk hibut, la yon geus pabalatak, disapukeun balad laksa-laksa rebu, lir sarah katebak caah, ngaleled layon perjurit.

Den Lalana genah lenggah, nigalikeun nu keur ngamuk ka perjurit, ratu sepuh ge nyakitu, bingah amarwatasuta, aduh-aduh kutan anak manjur, tu nyangka kabina-bina, bet balad dedemit.

Balad musuh enggeus bubar, hanteu aya sahiji nu kari kur buta dua diamuk, alah-alah mah rajana, harita teh sami bubar kalabur, dibeberik ku denawa, ditewakan kawas beurit.

Diasupkeun kana koja, raja-rajaa disorendang ku denewi ka pasanggrahan geus asup, buta dua th ngranjah, naon bae nu aya tuluy digulung, barang geus dibawaan, bedog peso cangkir beusi.
 
Hanteu aya nu kaliwat, sumawona barang-barang nu maranis, sanajan sinduk pariuk, dulang pangarih aseupan, dibawaan ku ki denei gulung, diantayikeun kana koja, jeung raja jadi sahiji.

Buta dua tuluy mulang, tas ngaranjah ti pasanggrahan, enggeus dongkap ka payuneun sang perebu, den Lalanaa seug mariksa, mawa naon he denewi.

Ki denewa nu unjukan, kaulanun eta teh boyongan gusti, 1 sujmuhun raja saratus, saur den Jayalalana, coba buka ku maneh, eta teh bungkus, koja ku buta diguar, raja-raja bararijil.

Sarni carerong rupina, para ratu panggangona culang-caling, margi campur jeung pariuk, dihijikeun dina koja, barang-barang margi pareupeus kabeh alancur, mung kantun talawengkarna, pariuk bubuk jeung piring.

Harita bubar nu perang, ratu-ratu eta nu saratus nagrisadayana