Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/135

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

126

Pupuh Pangkur

  1. Kuda ngamukna sesepak, sambarani muntir teu beunang dibedil, sardadu patig kajungkung, diamuk paling koceak, pagoletaklayon geus patumpuk, satria raden lalana, nguwak-ngawik nganggo tamsir.
  2. Namung bakating ku lobaa, baladna ge saratus nagri, poek upami halimun, tacan tembong den lalanaa, ratu sepuh ningalikeun raden paur, reh balad seueur kacida, namung barang katingali.
  3. Mantu nuju tunggang kuda, ules-alus da puguh ge sambarani, anjeuna bingah kalangkung, disarengan heran manah, na tiana boga kuda anu kitu, da tadi mah hanteu awas, reugereu namah kangjeng gusti.
  4. Caturkeun Raden Lalana, nu keur ngamuk ngabubukan ngnaan ngiri, nu moro pagulung-gulung, nu caket ting jarengkang, mandi getih taktak buntung taya hulu, kasabet ku pedang jimat, perjurit bareuki wani.
  5. Panangan raden lalana asa komper pake nyabetan perjurit, tu kapok datang ngagimbung, kocap denewi-denewa, buta dua nu aya di jero cupu, ka rahaden sasauran, agan abdi hayang ngiring.
  6. Bari ngomong tuluy luncat, buta denawi-denewa, bararijil, kalauar tina cupu, balad-balad reuwas pisan, sami gila ningal buta jangkung luhur, buuk gimbal huntu tonggar, sihungqa manipasalit.
  7. Mata beureum kembang wera, ceuli rubak gedena upama tampir, jengkung lir caringin kurung, buta dua geus unjukan, aduh agan mangga nyingkah, tina medan raden geus nyingkir ka sisi.
  8. Dua buta geus ngarabut, tangkal caringin dipegang, dibabukeun ka balad anu ngagulung, atuh bubar paburisat, ting koceak ting jalerit.
  9. Lalana teh lain jalma, matak cua bet loba balad dedemit, ayeuna