Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/134

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

125

  1. Prabu anom harita keneh geus suwung, ti tengaah medan geus leungit, ngajadi hujan ngaguruh, seuneu ditinggang ku cai, pes pareum asaa kaceos.
  2. Raden Gandulaya harita nguyungkung, kabulusan geus mucicid, ripuheun kaliwat langkung, ngaadegdeg bakating tiris, angkatna semu moyongkod.
  3. Ngan sakilat tuluy ku raden di tumbuk, den Gandulaya ngaguling, ger surak mani ngaguruh, perjurit tunjungbang nagri, anu teu emut digotong.
  4. Ku Tunjungbang ditalian seug ditutup, poek mongkleng buta rajin, satria enggeus ngaringkuk, taya peta bisa bijil, totojer-totojol.
  5. Ratu-ratu nu saratus sami ribut, ningal dunungan geus sisip, geus kabandang eleh pupuh, ramana sang angun aji, napsuna mani hahaok.
  6. Hayoh budal kabeh ratu nu saratus, ulah tinggaleun sahiji, geuwat kepung itu musuh, sapira manusa leutik, hayoh kudu diraronom.
  7. Serta bereg budalkeun kabeh sardadu, ulah aya anu kari, kepung tikaler ti kidul, tong aya nu bisa bijil, bet piraku henteu kojor.
  8. Tuluy budal ratu nu saratus ngabrul lir silaru jadi, sumawona para ratu, rek ngepung Raden Raspati, geus dironom raden anom.
  9. Tingharok ting jelerit sardadu, mani asa genjlong bumi, ratu semuh na tos samar raos.
  10. Den Lalana harita nuju dikepung, anjeuna mundur saeutuk, nepak-nepak kana cupu, saur kuda sambrani, teu lami kuda norokjol.
  11. Kuda depa hohoang bari lulunjuk, luncat raden raspati, tunggang kuda bari imut, geus sesegor sambarani, bangun galak hayang nyogot.
  12. Pada kaget nu keur ngepung para ratu, nya bener digjaya sakti, boga kuda anu kitu, sami paur palajurit, kapungkur malundur cekcok.