Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/133

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

124

  1. Leungit maung jadi mega wani mendung, di awang-awang ngading, den lalana ge nyakitu, geus musna ngajadi angin, ka mega ngadupak sewot.
  2. Henteu lami harita mega geus lebur, tuluy bae salin jinis, jadi cacing mani enyut,tengah medan heurin usik, kitu deui prabu anom.
  3. Leungit angin jadi manuk geus ngagulung, ngungkulan ka tengah jurit, paparengan jadi tuh, manuk geus macokan cacing, nu teu kabagi olohok.
  4. Enggeus beak cacing dihakanan manuk, Gandulaya tembong deui, bingungeun kaliwat langkung, elmuna enggeus katindih, teu kiat nadah rerempoh.
  5. Den lalana nyaur hayoh sia atuh, mun hayang maneh kaputri, auh kudu buru-buru, ari hayang kanu geuis, geura biritna kumongplo.
  6. Raden Gandu ngemut lebetipg pangkalbu, kaduhung tara kaciri, hancengan dihakan batur, rek direbut kurang wani, salakina leuwih tanggoh.
  7. Kocap balad resepeun kaliwat langkung, nongtong anu perang tanding, puguh deui ratu sepuh, ningal mantu unggul jurit, bingah kalbuna molongpong.
  8. Aki jeung nini di kaputren ting hariul, nini nyaur deuleu aki, mun dunungan urang pupus, saha nu nyaah ka kami, walon aki atuh komo .
  9. Aing nyandung moal aya nu ngajujur, boa moal tulus kawin, kasusah aing sagunung, hayang kanu geulis, ceuk nini ari nu gelo.
  10. Naon deui da nyatu mah urang cukup, teu kurang pake jeung duit, aing nini meungpeung hirup, mun meunang parawan geulis, aing kaul meuli entog.
  11. Kantun heula aki jeung nini nu gujruk, ayeuna malikan deui nu aya di medan pupuh, gandulaya leungit deui, jadi seuneu ting salembrot.