Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/132

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

123

  1. Gandulaya ngabongohan, lajeng nyuduk, les leungit Raden Raspati,andulaya nyaur aduh, si kunyang bisa ngaleungit hatena raden olohok.
  2. Sanggeus tembong den anom ngadeg di payun, nyebrut rek newekeun keris, den Gandu siga kapungkur, leuingit deui tapa lebih, lami pisan hanteu tembong.
  3. Anu surak ramena kaliwat langkung, tamu amgpribumi, tya nu asor nu ungul, sor batur tumpangan deui, urang silih colok panon.
  4. Eukeur kitu ngagelebeg aya gunung, di tngah medang ngajegir, den lalana awas kalbu , Den Lalana ge ngaleungit, landak rebu-rebu jul jol.
  5. Gunung geus dilingkung mani geus pinuh, padaa ngorowotan pasir, ngarempeyek gunung runtuh, leungit dei tampa lebih, raden Gandulaya helok.
  6. Landak musna harita timbul Den Bagus, Gandulaya nyaur lirih, hanteu nyana, maneh teguh, katungtik pangarti aing, muka kaboro kanyaho.
  7. Den lalana ngawalon ulah takabur, hayoh geura leungit deui, da moal burung disusul, sanajan ka luhur langit, Gandulaya les teu tembong.
  8. Balad-balad hookeun hanteu sumaur, nu perang teu tembong deui, raden lalana keur nyumput, milari nu nepus bumi, harita enggeus katembong.
  9. Anggeus tembong Gandulaya keur lumantung, maneh rek kamana indit, kawas lain jago pupuh, hayam lisung lamba geuning, purah kalayang-koloyong.
  10. Kagel manah Gandulaya, ngiles suwung, geus tembong di medan deui, jadi sakembaran maung, tengah medan ting kulinting, kekedug bari sesegor.
  11. Den lalana sumurup ngagedog kalbu, jadi singa ngajung iring, lajeng nyampeurkeun ka maung, maungnenjo tuluy ngacir, lumpatna tipaparetot.