Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/131

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

122

Pupuh Magatru

  1. Balad tunjung surakna mani ngaguruh, deuleu tah saratus nagri, jago sia ngadon tidur, pek hudangkeun sina nyaring, sukur oge lamun kojor.
  2. Gandulayaa lami-lami lajeng imut, namung rada langlang-lingling, jalugjag-jaligjeug ripuh, labuh lajeng hudang deui, kawas anu keur sakalor.
  3. Ti tunjungbang surakna mani ngaguruh, nyeri ngarasa kanyeri, pupuh sami pada pupuh, hayoh pada tumpang deui, silih cokel soca bolor.
  4. Anu perang kabujeng waktu, tandingan kasapih burit, paturay ngaler jeung ngidul, sakitu nu mentas jurit, mulihna pating lalenghoy.
  5. Barang dongkap ka pasanggrahan ngaguruh, balad mapag suka ati, ngaginggung sorana degung, melas melis sora suling, dor-doran sora bajidor.
  6. Para mantri ponggawa rawuh tumenggung, rame pada ngararibing, nayuban dibarung nginum, bir arak sinarang sopi, sapalih pada marabok.
  7. Sarni bae pribumi tamu nyakitu, ngageder rame sawengi, nu nayub dugi ka isuk, kasukaan abdi-abdi, maen pute maen colok.
  8. Geus bubaran nu maraen isuk-isuk, geus pasang deui perjurit, bandera nanjeur ka luhur, ti tamu nyakitu deui, lajeng jengkar prabu anom.
  9. Sareng musuh nu kamari geus patepung, sami na keur perang tanding, tatangdanagna matak lucu , wani sami-sami wani, satria sumedeng anom.
  10. Pada ngabar curiga sami maraju, duanana nyepang keris, namung hatna palaur, sami gaduh manah risi, tilas kamari karapok.
  11. Barang sebrut raden Lalana nu nyuduk, den Gandulaya teh leungit, alal-ilik raden bagus, kailangan lawan jurit, henteu lami beh katembong.