Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/130

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

121

 ngagidir, ngaangu pisaur kitu, ka raden anom nambalang, montong loba biwir teuing, geura empak ka aaing geura ngagada.

  1. Prabu anom seug ngajawa, tara miheunlaan kami, Gandulaya gada ditinggangkeun langkung tarik, teu emut den raspati, baladgna angun ngguruh, bet kakasaran deui surak, hayoh asor tumpang deui, jago urang ayeuna mah anu meunang.
  2. Urang tunjung naha sia, teu surak bari ceurik, lilir deui den lalana, jarelat teras nampiling, ngan sakilat tuluy muih, den Gandulaya ngajungkung, kokosdan dina lemah, tengah medan teh nguriling, balad tunjung gersurak eak-eakan.
  3. Hayoh jago sia modar, geura cokot ata mayit, tab deuleu aing jago mah, teu kudu mawa panggitik, Gandu salisir ku angin korjat lilir sug nangtung, nyabut duhun jeung susumbar, mun enya sia lalaki, ulah ngejat ieu tadah keris jimat.
  4. Gunung urug batu beulah, katibnan keis aing, GAndulaya ka den Jaya, harita geus tarapti, Gandulaya ngarampil, sewuk Lalana disuduk, karisna teh banteu tauraak, congona murilit ngelak, namung peurah karaos seueul pisan.
  5. Ngalenggerek den Lalana, raraosan selang seling, teu tias sasauran, ger deui surak perjurit, ngaagorowokna tarik, deuleu eta jago pupuh, laalanan mah jago anyar, sok hayoh aing ngahapit, geuraa tahan ku sia lamun wani mah.
  6. Raden lalana ngorejat, ngadeg bari ngabut keriis, terah turunan kajinan, tingburinya pamor bijil, balad angun muringis, ningal cahyana ngagembur, yakitu den Gandulaya, ningal keris hemar-hemir, rada paur sebrut newah den Lalana.
  7. Tandas mener kana dada, ngalenya anu ningali, teu teurak eta kerisna, namung nyerep peurah keris, ngalenggak hanteu eling, di tengah medan ngudupung, ngagoler teu bisa hudang, ditunggu ku den raspati, ampir-ampir den Gandu pegat nyawana.