Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/129

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

120

  1. Saha pitandinggeunana, nu mawi nyuhunkeun widi, ramana geus ngawidian, raden gandulaya indit, lageday satria gandang, gandang manis ampuh lungguh, wantu satria geus kocap, kawentar kaunggal nagri, nu nu nalukeun saratus nagara tea.
  2. Bagahnaa ti bubudak, sakti bawa ti ajali, pilih tanding digjayana, burey keneh jago jurit, kasohor kamana mendi, dipayun jimatna cupu, ti tukang jimatna pedang, tigigir nyungkelang keris, nu ti tiwa panangan nyepeng gondewa.
  3. Ngagandeungan angkat gandang, lir tedak raden secaki, lengkahna ibarat karna, pasemon taya kagimir, kocapkeun den raspati, putrana sang angun aji, Den Lalana nganggo makuta karajaan.
  4. Bismilah raden nu angkat, kulit dibeulit ku isin, lengakha dijaga ku lapad, rintih nyurupkeun pangerti, ngutik-ngutik cupu manik, pangawaya nu ngalesu, beunang tapa ti bubudaak, beunang ngaji ti leuleuntuk, den lalana angkat kea lampud ku jimat.
  5. Adu harupan i medan, ger surak kabeh perjurit, ramana kabina-bina, tamu urang pribumi, tumpanganpapak hapit, pada ngaku jago pupuh, tangtu rame nu tandingan, satria sami pinilih, mana bae nu kiat turuna.
654 Memeh prak nu majeng perang, silih leret silih telik,garumujeng duanana, den gandu jeung den raspati, sigana mendak landing, nu kasep sareng nu lucu, bentna th dina yuswa, rada anom den raspati, den lalana ngandika ku pantar pisan.
  1. Saha anjeun teh nya ngaran, den gandu ngawalon manis, gandulaya nami kula, aha anjeun ge wawabi, raden ngawalon deui, Jayalalana nu mahur, saur gandulaya naaha, sampean teh wani-wani, nikah putri papacangan kaula.
  2. Na euweuh deui wanita, ulah rasa maneh teuing, anu gagah ngan sorangan, caan nyaho ka awak kami, mashur ka saban nagri, Gandulaya jago pupuh, tukang ngaboyong nagari, ngawalon raden raspati, kajeun teuing gagah sakadar baja.
  3. Dipake nyingsieunan, kami lain buak leutik, maneh ngagungkeun sorangan, raden Gandulya nguping, salirana