Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/128

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

119

  1. Lajeng digusur ku bald ka pasanggrahan geus nepi, diasupkeun kana panjara, langkung wirang angun aji, balad taya anu mahi, sang kilanmangratus-ratus, harita babadamian, urang bokong perang jurit, pek pajukeun balad-balad sadayana.
  2. Kepung Jayalalana, kudu hurup hayaoh indit, lajeng budal balad-balad.robab ;or so;a;ri kado. lale[img dem ras[ato. Ii saradi rebu-rebu den raspati lalana teu katingal, kaalingkung ku prajurit, Raden Patya nyaurkom manglaksa-laksa.
  3. Meh teu kaetang seueuma, payuuneun raden raspati, namung teu tembong jalmina, balad nu saratus nagri, lajeng diamuk ku jin, teu puguh-puguh nguupung, ting jalerit ting koceak, nu nyatok teu tembong jirim, pada sieun balad bubar lelumpatan.
  4. Pada bingung ngalawanna, ngan pakarangna nu sidik, pedangna paling kolenya,seueir balad nu ditiir, ku keris ting jelerit, hiji tumbaak ambles tilu, paeh kapangang ku tumbak, beuki heran angun aji, layon balad di medana patumpang-tumpang.
  5. Munding nyampeurkeun panggangan, kaai nyampeurkeun ragaji, eta kitu ibaratna, prabu anom bingah galib, ninggalkeun perjurit, mang rebu-rebu nu kabur, layon patumpang-tumpang, getih lir susukan banjir, mani ngemplang kekeueum pinub cileuncang.
  6. Ratu sepuh bingah manah, duh mantu sing teh sakti, bet boga balad siluman, ditangguhmah enggeus mati, kakepung ku perjurit, teu katembong geus kalangkung, hanteu panjang dicarita, nu ngalem ka mantri aaji, geus kamalum ku emang anu keur suka.
  7. Harita di medan caang, reh kalabur palajurit, balad nu saratus tea, nyarumput ka anu buni, kocap sang angun aji, putrana nuju piunjuk, duh ama nu kitu lebar, balad urang tangtos sisip, mun di antep minantu raja tunjungbang.
  8. Tandingna kajabi putrana, sanes lawaneun nu ipis, kapan ratu boboyotan seueur nu kasambut jurit, kantun putra pribadi, nu baris ngayonan pupuh, mangga tinggal salesna, sanes jalmi tukang ngarit, moal leres majar tedak panghumaan.