Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/127

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

118

 jumpalik lalieur gabluk tisusut, tarang bohak huntu dongklak, ngeuleuweur teu bisa indit.

  1. Tuluy dirawat ku balad, urang Tunjung surakna paling jaleri, ratu sepuh bingah kalbu, ningali putrana gagah, tengah medan nu kasep balad-balad, nu anom kayungyun teuing.

Pupuh Sinom

  1. Harita perang bubaran, sabab kasapih ku burit, sadaya sami marulang, di pasanggrahan caralik, reureuh palay prajurit, carekcok mani ngaguruh, ngaruiung sami tariung, kaolahan warna-warni, warna-warna inuman sagalaa aya.
  2. Ratu sepuh teh mariksa, kaputraa kalangkung asih,duh raden ama teu nyana, manawaa teu yasa jurit, ama paur di kawit, den patih gagah imut, sagala dupi gamparan, ningal hayam oge geuning, alus peupeuhan ge matih pisan.
  3. Balad rame kasukaan, maen catur maen pitik, dok-dak nu keur maen bola, daringding anu keur ngarinding, ponggawa jeung para mantri, di pasanggrahan ngaguruh, prajurit balakecrakan, senang-senang nu berenti, mundar-mandir di pipih nu maen hitar.
  4. Ti wengi ugi ka siang, geus areureun anu ngibing, isuk-isuk nyekep pedang, bandera di pasang deui, jam genep geu ngabaris, heres barisan sardadu, prabu ano lajeng angkat, kamedan harita sumping, balad-balad gersurak rame, kacida.
  5. Prabu anom lajeng nangtung, meupeungisuk geura bijil, aya hiji raja datang bangun sareng bengis, mani gumilang geni, jeung prabu anom geus tepung, tu ngurus tatanya heula, jol jedak nggada tarik, raden nyingcet lajeng ditewak sang raja.
  6. Dibalangkeun tarik pisan, tiheula ragragna muntir, nglaujgsar di tengah medan, jeung nagtung samu teu eling, biwima jeba-jebi, dadaligdeugan lalanjung, moro balad ti tunjungbang, tuluy dirawe, kutali pek ditarik gumilang rubuh nengkarak.