Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/126

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

117

  1. Lajeng bae mesat pedang, pedang panjang gedena kaliwat saking, teu kabawa ku sapuluh, tina bakat ku beuratna, geus dilepas sora pedang teh ngahiung, sor raden nyodorkeun taar, ngagentrang bawaning tarik.
  2. Pedangna raja butama, hanteu teurak kalah rompang tilu dim, heran kakara saumur, keur kitu teu kanyahoan, raden anom nyabok cepil butama nambru , ngudupung kokosodan, gerang-gerung kembung pipi.
  3. Barang hudang tuluy lumpat, butama pipina sabeulah kebi, pek batur geura arasup, mun wani kaincuna boja, sugan hayang bareuh hulu pipih kembung, dewek saumur kakara, kapok mending oge balik.
  4. Hanas jikan geus ditalak, panyana teh putri rek beunang ku aing, ayeuna mah rek diruju, bari menta diubaran, pipi bareuh dipopokan beas cikur, mending jikan nu tiheula, moal matak bareuh pipi.
  5. Kocapkeun Jayalalana, lunjung-linjing, tengah medan nangtang tanding, culak-cileuk nangtang musuh, nu gandang ngadago lawan, matak lucu luang, hanteu linglung, dangah ludeung ngadaleungdang, lir tedak patroman aji.
  6. Aya deui hiji raja, nu narajang maju ka tengah bing jurit, sareng prabu anom tepung, di medan adu hareupan, nami raja sang ratu rarangan mashur, barang jol ratu ngandika, sastria pek gada kami.
  7. Prabu anom ngawalonana, hanteu watek ti heula kami ngagitik, pek heula maneh ngagebug, sang rarangan ngangkat gada, diembatkeun ka raden mani nghaiuk, jedag ningang Den Lalana, Raden Anom kalah ngibing.
  8. Nu surak rame kacida, resep ningal prabu anom gagab sakti, topina dialung-alung, ratu rarangan amarah, seak moro bari ngabar-ngaba duhung, ku prabu anom ditepak, keris ngeluk siga arit.
  9. Hanteu kapok mesat pedang, bari luncat narok kanu eukeur ngibing, raden ngelid newak hulu, bari disepak dadana, ti