Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/125

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

116

  1. Sumawona balad-balad, euleuh mana kasep-kasep teuing, urang kampung tapi lucu, paingan putri kagembang, atuh saha nu teu hayang kanu kitu, dewek ge mun boga anak, pareng awewe jeung geulis.
  2. Dibikeun ngarah turunan, wama-wama anu ngomong palajurit, prabu anom enggeus tepung, sareng ratu butama, barang gok ge, butarna teh gumuyu, lakadalah kutan budak, maneh teh salaki putri.
  3. Bocokok teh onom pisan, na rek naon maneh teh ka medan jurit, siga rek sosoroh umur, nyaah teuing ku kasepna, tangtu mucrad polo maneh mun digebug, karooh ratu tunjungbang, keur kumincir sina jurit.
  4. Geura turut omong emang, montong perang mending ge di emang cicing, lumayan engke di situ, boga anak parawan, entop merek ku ujang kudu pihukum, emang mah ngarah turunanana, pangupukan sugan jadi.
  5. Prabu anom manahna cua, nguping saur kaemutan matak sedih, bet ngahampas maneh ratu, omongan teu patut pisan, naha aing bet dijieun hayam adu, sia rek ngalap turunan, kurang ajar liwat saking .
  6. Suma ratu butarna, gede hate budak lembut wani-wani, naha enggeus bosen hirup, perang teu mawa pakarang, walon raden keur naon karidu-ridu, geura hempek bae sia, ka aing geura ngagitik.
  7. Geus ngangkat gada butarna, ditinggangkeun ka prabu anon, raspati, sorana mani ngajelegur ku raden
  8. Disangka sia geus wapat, jadi campur jeung lemah enggeus ngahiji, ditinggang ku gada ajur, teu nyana sia digjaya, atuh pantes sia geus wani ngarebut putri papacangan urang, ku maneh make dikawin.