Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/124

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

115

  1. Pedang ngangsar dirodaan, langkung segut godeg jeung kumisna jedig, pangwakan jangkung luhur, rubak dada jeung buluan, sor ka medan jeung patih gagahi tepung, manggul gada segut pisan, beurat dua ratus kati.
  2. Geus amprok adu hareupan, ngaharegem molotot nanya ka patih, raja butarna pok nyaur sia patih mah jig mulang, lain tanding raja sia buru-buru, salakina putri teang, ulang jongkon bae cicing.
  3. Raden patih ngawalonan, tong ngahampas tacan putuh aing mati, aing heula geura gebug, butarna ngangkat gada, teu talangke den patih digebug, raden patih kapiuhan, ku tina baka ting tarik.
  4. Diburu ku balad-balad, geus digotong ka pasanggrahan geus nepi, nu surak mani ngaguruh, kakara musuh teh surak, baksa raja nu saratus mani ribut, deuleu etah jago sia, keuyeup apu tereh mati.
  5. Maneh ulah sog ogoan, karek nyaho sia teh ka raja aing kitu surakna ngaguruh, ratu angun suka manah, ningal musuh patih gagahi ngudupung, geus taya peta karempan, ngan kari si lalaki putri.
  6. Balad musuh teh susumbar, hayu geuwat ratu anom geura bijil, urang pencet budak lembut, manah den lalana panas, ningal raden patih parantos rubuh, ratu sepuh sepa pias, teu aya tanggelan jurit.
  7. Den Lalana ngadeuheusan, ka mertua unjukan nyuhunkeun widi, putra ama kaulanun, baden mapakeun ngayuda, bade nyobi diajar rebutan umur, ratu sepuh beg-beg manah, ku tina salempang galih.
  8. Prabu anom geus kalur, lajeng angkat diiring ponggawa mantri, saringset ku matak lucu, tunggang gajah dipajengan, enggeus dongkap ka medan surak ngaguruh, musuhna kageteun pisan, teu sangka kasep raspati.