Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/123

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

114

  1. Den patih ngawalonan nyentak, euweuh watek ngagitik ti heula, kami mah geura pek maneh ngagebug, raja ganda ngangkat gada, ditinggangkeun ka patih gagahi ngebul, gada meley siga oray, bengkok lir upama arit.
  2. Ceuk raja gandamalela, hanteu suka gada kami teh murilit, make bet sina mengkelung, patih gagahi nembalan, naha atuh lalawora nya ngagebug, dahan bolan pake gada, ambek sang ngagidir.
  3. Den patih tuluy ditewak, maksudna mah ka ratu arek dibanting, diangkat hanteu kajungjung, den patih teh beurat pisan, raja ganda amekna kaliwat langkung, tanagana anggeus suda, kesangna morolok bijil.
  4. Ku raden patih disepak ratu ganda tipecat jungkel-jumpalik, teu bisaeun deui nangtun, tuluy deui ditaliyan, digarotong ku balad teh digalusur diasupkeun ka panjara, geus opal ratu nu sisip.
  5. Harita bubar nu perang, tuluy eureun kasapih ku burit, tunjungbang perangna unggul, patih gagahi nu gagah, lajeng mulang ka pasanggrahan di buru, ku ratu sepuh di hormat, mapagkeun ka raden patih.
  6. Prabu anom Den Lalana, nyaur alon gentra manis ka den patih, saupami paman ripuh, enjing ulah majeng perang, putra bae enjing mah nu majeng pupuh, saur patih ke heulanan, masih wani ngadu jurit.
  7. Caturkeun sang agan raja, keur badami jeung raja saratus nagri, susaheun kaliwat langkung, perang taya nu kuat, mana camplang anu maju saban isuk, balad ge taya nu surak, lir gaang katincak cacing.
  8. Kacatur deui geus beurang, raden patih geus maju ka medan deui, surak baladna ngaguruh, tatandang di tengah medan, aya hiji raja nu harita maju, ngarana Raja Butarna nyoren pedang tingcarekit.