Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/122

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

113

  1. Raja Durgi ka patih tuluh nambalang, empek sia geura namsir, atawa ngagada, bisi hayang nyaho sia, kagagahan awak aing, pek coba-coba, lamun enya sia wani.
  2. Bangkawarah sia patih ngajagoan, patih nembalan bari seuri, teu tuman aing mah, miheulaan neunggeulan, si amarah raja durgi ngajungjung gada, patih ditinggangna tarik.
  3. Patih nyingcet ka gigir jeung nepak gada, atuh gada meunang angin, den patih nya kakak, bet naha eta gada, teu hayangeun ngakan getih, kawas diajar, perang jeung budak leutik .
  4. Raja durgi seug ngalempag deui tumbak, ditewak ku raden patih, dipotongkeun tumbak, mani ajur jadi opal, digisik geus jadi cai, sang durgi nimbalan, olohok bari jeung pusing.
  5. Rikat newak raja Durgi ku den Patya, tuluy dibalangkeun tarik, ragragna nagkarak, paiuhan henteu hudang, ger surak pating jalerit, balad tunjungbang, ka medan marawa tali .
  6. Raja Durgi harita terus ditalia digotong diguwang-gawing digusur ti medan, dibawa ka pasanggrahan, raja durgi leweh ceurik, diera-era kawas lain lalaki.
  7. Raden patih susumbar deui ti medan, nangtung bari jerat-jerit, hayoh menta lawan, geura bijil ka medan, naha mana lila teuing, mun teu wani mah, maneh geuwat baralik.
  8. Geus kakuping ku raja gandamalela, sor narajang den patih, cepil ngembang wera, ku tina bakat amarah, benduna raden patih, tangginas pisan, geus jol sapung kureun patih.

Pupuh Pangkur

  1. Barang jol seung nanya ngaran, saha sia raja atawa patih, patih gagahi seug matur, kaula mah lain raja, papatihna tunjungbang andelan pamuk, ceuk raja gandamalela, pek atuh geura ngagitik.