Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/121

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

112

  1. Geus dipasang bandera di tengah medan, ngaguruh nu surak tarik, rame deui perang, den patih maju deui ka medan, dicacar deui perjurit, ngamukna rongkah, nu tatu pating jalerit.
  2. Raja-raja nu saratus kage pisan, ninggal balad burak barik, bubar katawuran, katawis ku hiji raja, euleuh geuning itu patih, bet bangkarwarah, wanita ngamuk perjurit.
  3. Lajeng bendu sang ratu sorong buana, kekerot waosna tarik, melesat ka medan, sareng patih patepang, raja sorong nanya bangis, he saha ngaran, naha maneh salakina putri, teu geura perang, ngalawan, ka aing jurit.
  4. Raden patih nyaur gampang reujeung raja, aing oge tacan mati, sang sorong amarah, ngupingkeun anu nangtang, na bener sia teh wani, geura pek gada, tinggakeun ka awak aing.
  5. Walon patih teuh watek aing ti heula, sang sorong molotot pusing, tuluy ngangkat gada, gebrod ka patih ngagada, den patih rampayak ngibing, henteu dirasa, asa diciwit nu geulis.
  6. Hayoh sia ulang olohok pek gada, ulah bosen matak jilid, sang sorong buana amarah tuluy ngagada, henteu dirasa panggitik, pek nyabut pedang, raden patih dek ditamsir.
  7. Pedang ngambul teu teurak ka raden . patya, raja sorong langkung pusing, ka patih ngandika, geura males sia setan, raden patih teh tarampil, ceg ceuli raja, jebet nampiling sakali .
  8. Raja sorong lap tali kukurilingan, ngubeng saupama kincir, jeung utah-utahan, ger surak balad tunjungbang, barina marawa tali, geus ditalian digotong diguwang-gawing.
  9. Geus, kabandang raja sorong buana, lajeng dipanjara beusi, den patih susumbar, bari tatandang di medan, musuh henteu geura bijil, aya nu datang, moro ka rahaden patih, bari nanya sugal, patih sia saha ngaran, na sia wani ka aing, patih nembalan, ngaran kami den gagahi.