Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/120

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

111

  1. Nyaah teuing nagara tangtu diranjah, gan putri ngawalon manis, mung salira engkang, kedah antos-antos pisan, di doakeun ku sim abdi, sing unggul perang, pami engkang kawon jurit.
  2. Tangtos abdi ka engkang ngiring bumela, raden harita ge indit, ngadeuheus mertua, mugia ngawidia, abdi bade mapag urit, ratu ngandika, ama oge seja ngiring.
  3. Prabu anom lajeng nanggo karajaan, tunggang gajah langkung ginding, diubeng ponggawa, geus sumping ka pasanggrahan, lajeng Ialinggih korsi, jeung ratu sepah, ti payun patih gagahi.
  4. Ting haraok musuh nangtang menta lawan, baladna saratus nagri, he balad tunjungbang, hayoh aing geura lawan, patih gagahi geus amit, metakeun bald, perjurit sesanu ngacir.
  5. Mariemna ngajegur mere tangara, tawis mikat deui jurit, ger deui anu perang, silih bedil silih pedang, tambur ngabrangbangan tarik, ketir kacida melas melis sora suling.
  6. Raden patih ka prabu ano unjukan, neda widi jisim abdi, bade maju perang, neda hibar pangduana, prabu anom enggeus widi, patih geus iang nyoren pedang nyungkelang keris.
  7. Sor narajang patih gagahi ka medan, nyabut pedang nguwak-ngawaik, dicacar lir bolang, bungbang balad-balad, disabetan ku en patih, ngamuk pohara, prajurit loba nu mati.
  8. Anu perang harita bubaran Iantaran kasapih burit, ger pesta sadaya, ngageder dipasanggrahan, semah sareng pribumi, sami nayuban, pelog wayang sareng tanji.
  9. Reureuh perang hiburan ngaribing tandak, seueur nu weureu sopi, siga suka bungah, ngageder ku tatabeuhan, lirenna anu ngaribing, kabujeng siang, den patih natakeun baris.