Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/119

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

110

Pupuh Durma

  1. Sora balad ngaguruh ambal-ambalan, lir sora laut keur banjir, lobana kacida, balad saratus nagara, nyepeng tumbak reujeung bedil, maju ka tengah perang sami pada wani.
  2. Ti Tunjungbang baladna saeutik pisan, katawis mani cerewing, perang campuh pisan, silih bedil silih pedang, musuh lawan pada wani, teu puguh lawan, rikat pada taki-taki.
  3. Estu ragot itu ieu silih tumbak. teu emut ka bahya pati, nu ngetoskeun nyawa, makarang pating sulagrang, keristumbak sareng bedil, nyangking sadia, sami wani mandi getih.
  4. Sorana lir lini eukeur luluwukan, jagat oyag kunu jurit, geus poek haseupna, ngageder roas kacida, nu cilaka ting jalerit, bangke patumpang, ting jarungkel matak watir.
  5. Balad Tunjung ditarajang ampir beak, barisan geus burak barik, ku seuneu ciciptaan, nu gede jeung ngudag-ngudag, loba nu kalabur ngalacir, balad tunjungbang, ampir teu aya nu kari.
  6. Raden patih mundur nguninga ka raja, duh gusti abdi bali, balad seep pisan, ayeuna sadaya-daya, nyanggakeun bebendu gusti, anom nyaur garwa, dunungan engkang nu geulis.
  7. Engkang pamit ayeuna rek maju perang, ngayonan nu gagah sakti, garwana ngawalongan, kapan seueur keneh bald, ulah waka majeng jurit, iwal tos musna, den anom ngalahir deui.
  8. Engkang watir balad seueur anu wapat, saur putri mangga jurit, abdi kedah candak, upami engkang perlaya, abdi sumeja rek ngiring, ngabuang nyawa, hirup ge sangsara diri.
  9. Prabu ano ngalahir bari ngusapan, deudeuh teuing anu geulis, ku engkang katampa, kanyaah bumela nyaan, namung kedah emut lantip, paos ngamanah, ngabelaan lemah cai.