Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/118

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

109

  1. Saupami balad tos kumpul, parios saha nu wani, suka rela majeng pupuh, mun teu wantun sina balik, tong dipaksa kanggo naon.
  2. Lajeng kondur den patih ka alun-alun, nakol bende langkung tarik, geunjleung sorana ngaguruh, geus darangdan parajurit, samakta kabeh parabot.
  3. Nyoren gobang kuli tumbak sareng limpung, di alun-alun geus heurin, lajeng den patih ngadawuh, he sadaya palajurit, saha bae anu tanggoh.
  4. Anu wani kana perang pupuh, urang keur dilurug jurit, ti ratu pamukti angun, saha bae nu teu wani, ulah milu karerempon.
  5. Lamun wani hayu buru-buru maju, anu teu wani baralik, sadaya sangem rerempon .
  6. Pek ngabela lemah cai moal mundur, sanaos dugi ka mati, den patih ngawalon sukur, he sadaya palajurit, ayeuna urang marios .
  7. Lajeng budal ti alun-alun ngaguruh, surakna pating jaleritka wates kota geus cunduk, seug marentah raden patih, nyieun pasanggrahan cek-cok.
  8. Kitu deui balad ratu angun-angun, nyieun pasanggrahan sami, ngaberes kabeh aralus , ngajajar mani baris, papanggungan geus ngabangong .
  9. Isuk geus rap banderana ngempur, tawis kaagungan nagri bandera beureum, ciciren ngayonan jurit, da puguh pada jarago.
  10. Geus ngabaris beberapa kabeh sardadu, semah katut piribumi, dipirig ku sora tambur matak kelar rebut pati, bedil sorana geus dur dor.