Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/117

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

108

  1. Kacaturkeun ka angun parantos cunduk, cong nyembah jeung mikeun tulis, ku raja angun kamaphum, walonan nu nangtang jurit, isuk sore rek di dago.
  2. Eta serat pangwalonan geus ditutup, benduna kaliwat saking, raray beureum mani ngempur, kekerot mani ngagidir, ka balad lajeng hahauk.
  3. Hayu batur ayeuna mah urang lurug, budalkeun kabeh perjurit, lamun acan lebur ajur, nagarana burak barik, minantuna sina kojor.
  4. Tuluy budal balad angun ratu, palajurit laksa keti, haleungheum kawas halimun, ngabrul lir siraru jadi, nu surak pa ting haraok.
  5. Enggeus dongkap para jasa ratus, ka pinggir Tunjungbang nagri, ngaranjah ka unggal lembur, imahna diburakbarik, manggih domba diparotong.
  6. Urang kampung atuh kabeh pada kabur, lalumpat ka jero nagri, awewe lalaki ngabrul ngagarandong budak leutik, ting darengek ting galero.
  7. Kajeun teuing banda mah di ranyak lapur, teu melang ku emas rispis, supaya badan sakujur, salamet saanak rabi, ulah dugikeun kamaot.
  8. Aki-aki jeung nini-nini lumpatna ripuh, kaidek ku palajurit, pakampungan burak-barik diruksak kunu ngarampog.
  9. Raden patih kalaporan angkat rusuh, nguningakeun pinggiran nagri, duh gusti musuh tos cunduk, raresak sadaya abdi, imut manis perbu anom.
  10. Mangga atuh sing sayagi buru-buru, kempelkeun kabeh perjurit, sareng pakarang sing cukup, ngan namung kedah dipilih, nu agung wawanen tanggoh.