Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/116

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

107

  1. Kaputusan rek ngalurug jurit, nyieun surat harita geus iang, ku upacarana kahot, di jalana hanteu dicatur, ka Tunjungbang teh geus nepi, ka sondong raja keur lengah, utusan ka payun, sor nyanggakeun eta surat, ku sang ratu, harita surat ditampi, lajeng bae dibuka.
  2. Surat hatur bing Tunjungbang nagri, ieu kula ngadenge warta, Agan putri anu ano, dikawin ku urang gunung, naha jalir tina jangji, kapan putri geus dilamar, naha engeus sayagi, ka dieu ngalurugan.
  3. Ratu sepuh ngaraos ngagidir, harita ge den putra diteang, raden anom tungkul mando, ratu sepuh seug ngadawuh, gentra alon semu lirih, siga anu nalimba, aya surat agus, sumangga ku Agan baca, pek diaos, serat ku Raden Raspati, gumujeng raos pisan.
  4. Kanjeng rama ulah alit galih, paeh hirup putra nu mayunan, sanajan ratu nu sohor, jago dina perang pupuh, tuang putra teu gimir, margi sipat manusa, taya anu unggul, sing percanten kana kadar, kula sanggem, tutulisan ti ajali, mung Alloh nu kawasa.
  5. Ayeuna mah keun kumaha abdi, rek dilawan sanajan nu gagah, nyicip-nyicip ratu jago, nu adigung kumalungkung, tukang ta-kabur jeung dir, rasana rea bawahan, keun sina ngalurug, tuang utra rek diajar, rek ngayonan, ratu anu gagah sakti, tanwande dipegatan.

Pupuh Magatru

  1. Lajeng nyerat harita sang ratu sepuh, walonan ka angun nagri, geus beres dibikeun tuluy, ki utusan lampah gasik, di jalan teu dicaarios.