Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/115

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

106

732. Ieu gaduh kagegelan, rupi buyung lumayan keur wadah cai, mung sakieu ka gaduh, etang maskawin putra, walon ratusa kieu ge aki nuhun, buyung ditampi ku raja, muka tuluy nu disosi.

733. Barang bray cahayana ruhay, jero buyung eusina inten biduri, teu kaangkat bakat pinuh, putri ngaleret rakana, aduh engkang aki nini beunghar jangkung, sanajan ieu nagara, katutu eusina kabeuli.

734. Gan putri bungah kacida, katampi buyung panumbas ti nini aki, raden teh lajeng sumaur, ieu teh engkang nu saha, walon raden aki jeung nini nu gaduh, saur putri pami terang, abdi tangtos ka gosali.

735. Aki diandeg di dinya , henteu mulih ka asalna anu tadi, tetep jeung nini maratuh, itung pamulang tarima , da nagrina ciptaan enggeus suwung, jadi alas bandawasa, ngalih ka asalna deui.

736. Aki jeung nini berungah, beurang peuting taya gawe wungkul ulin, aya darajat geus sepuh, kitu mungguh nu sabar, awal ahir tangtu pinanggih rahayu, ari gawena ayeuna, ngasuh nu manis Raspati.


Pupuh Dangdanggula

737. Tunda heula anu suka galih ti Tunjungbang Raden Lalana, meujeuhna gentos carios, kocap ratu Angun-angun, nu ngala buhaya putih, harita teu acan meunang, dua bulan punjul , keur landong putri heudami, teu uninga, putri harita geus kawin, ka Raden Jayalalana.

738. Aya jalma nu dagang kuriling, harita teh keur ngaliwat kadinya, kabeneran kenging wartos, raja Angun-angun bendu, nguping putri enggeus kawin, ka Rahaden Lalana, katut nu saratus, harita ge ngarempagan, kuma akal sangkan pakarepan basil, reh Tunjungbang geus cidra.