Kaca:Wawacan Jayalalana.djvu/114

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
105
 
  1. Hibar nagara Tunjungbang, cahaya lampu istolop lantera lili, cahayana mani ngagebur, ngaguruh ku tatbeuhan, anu surak ngageder pager rarubah, nu pesta eak-eakan, nu lalajo hareurin usik.
  2. Eukeur rame tatabeuhan, tuluy jempe biantara kangjeng gusti, he sadaya para tumenggung, reujeung sakabeh rayatna, saraksian ayeuna kaula lungsur, rek nurunkeun karajaan, ragragna ka mantu kami.
  3. Jenengan Jayalalana, menit ieu nu ngawasa ieu nagri, di Tunjungbang jeneng ratu, sakabeh kudu uninga, ngan sakitu kasauran maha ratu, ger surak wadia balad, ngaguruh saruka ati.
  4. Tujuh kali mariemna, disundutan tandana jeneng narpati, ku tatabeuhan disambung, kira-kira pukul dua, panganten teh istri pameget, lalungsur, lumebet ka pajuaran, geus karulem putra-putri.
  5. Kacatur dina enjingna, putra-putri kaluar teras ka cai, ka jamban patuyun-patuyun, angkat pakael panangan, silih leret silih kaleng bari imut, gan putri hantem nyiwitan, ih na engkang sok cilimit.
  6. Di jamban lajeng saliram, bari otel silih simbeuh silih ciwit, tungtungna mah ruru, sami maresek salira, hanteu weleh di jamban oge garelut papuket silih ciwitan, duanana bingah galih.
  7. Ti jamban marulih nyaat, ngarareumbay rabut panjang sareng galing, wawangin nyambuang arum, emban rek ninggal kabita, luak-lieuk dulak dilak bus ka kakus, sigana hanteu kawawa, samping jibrug ku cikiih.
  8. Kacarios aki Boja, harita teh jeung nini lebet ka nagri, lajeng ngadeuheus ka ratu, reh nyanggakeun buyung tea, tuluy nyembah kaulanun gusti ratu, mugi henteu bendu manah, abdi kaporotan teuing.